Minggu, 19 Mei 2013

SAKARATUL MAUT 
Karya : Kang Jajang Tea

Lain meureun jeung ciptaan
Estu ieu kanyataan
Urang pasti ngarandapan
Awak nyawa papisahan

Jalma anu keur sakarat
Nyawa ngangseg mapay urat
Taya daya pikeun lumpat
Dicabut ku Malaikat

Hirup nu keur suka betah
Nganteur nafsu jeung amarah
Henteu inget bakal pindah
Ngabujeng ka alam barjah

Meunang ti suk-suk ti dung-dung
Loba dipake adigung
Embung bakti kanu Agung
Sholat Zakat ngaji embung

Ibadah ka teler-teler
Nepika nyangirah ngaler
Nangkarak di gulanggaper
Raga ngajepat ngagoler

Tidak ada komentar:

Posting Komentar