Selasa, 02 Oktober 2012


SAPOTONG CARIOS

Assalamu'alaiku Wr. Wb.

Alhamdulillah ....

Puji syukur kahatur kanu maha ngatur tur maha luhur, pangeran nu murbeng alam, gusti numaha suci, pencipta alam semesta, Alloh SWT, nu parantos buktos karaos ku pribados dugi ka ieu waktos, masihan pirang2 kanikmatan, kasehatan, kasalametan, terutami nikmat iman sareng islam (Wain tauddu ni’matalloh latuh suuhaa = sing saha anu ngitung-ngitung nikmat Alloh, maka moal tiasa kaetang) . Oge ku karunia Mantena, urang sadayana, masih tiasa nohonan kawajiban silih wasiatan ku kasaean sareng kasabaran.
Shalawat sinareng salam mugia dilimpah curahkeun ka jungjunan nu ariman nabi akhirul jaman, panutan kasalametan, pamingpin para muttaqin, jawara nu pinuh taqwa, nabi anu pinuji, anu nyinarkeun cahaya kebenaran, ngaberantas kasesatan nyaeta Nabi Muhammad SAW.
Oge teu hilap ka Kulawargana, para sahabatna, tabi’in tabi’inna, dugi ka urang sadayana, anu salamina teguh pengkuh tur patuh , nyekel pageuh, teteg panceg, nyekel deleg, turut tumut, taat kana amanat, teu unggut kalinduan teu gedag ka anginan, istiqomah dina manah, teu galideur dina bener, dina nanjeurkeun kayakinan nu dicandak ku jungjunan, tur paheut meungkeut mika meumeut mika geugeut ajaran Islam.

Danget ieu pribados bade nyobian ngiring cumarios, ngaharewos, sok sanaos teungangge artos, atanapi bau waos, nyorocos ti poporongos bari teu kahartos, anu tangtos moal totos-totos, di dunia maya nu masih polos...... ah... atos.

KUNJUNGI : http://sakinacendikia.webnode.com/


https://sites.google.com/site/blogjajang/jam%20musik%20pasundan%20yes%20okey.swf?